fbpx
Berita  

Cecenet jeung hasiatna

Cecenet (Istimewa*)

Azay

Urang Sunda geus teu aneh deui naon ari cecenet. Lamun ceuk bahasa deungeun mah ( Physalis Angulata ).

Bentuk tangkalna sarua jeung tangkal tomat, ngan dauna rada lebar sarta buahna laleutik jiga kaleci.

Lamun urang leukeun nitenan, aya sababaraha hasiat nu aya dina cecenet lain ceuk beja kuring pisan nu geus ngalaman.

Hiji mangsa datang ka Puskesmas hayang dites kadar gula, asa reuwas kacida sabab hasilna kuring ceunah kadar gulana tarik.

Disejen waktu, kuring panggih jeung babaturan ngabejaan, ubar keur panyakit gula teh ku cecenet, tangkalna dirabut terus dicacag sing lembut tuluy poe sing garing, lamun geus garing kakara bisa di inum.

Cara nginumna nyaeta di tinyuh ku cai panas, leuwih alus mah digodog sing asak terus tiiskeun.

Lamun geus tiis, di uyup tiap nginum, lamun urang leukeun mah pasti aya karasa mangfaatna eta nu ka alaman ku kuring.

Ngabiasakeun nguyupan cai cecenet ahirna panyakit gula kuring cageur.

Tanda boga panyakit gula di antarana kiih wae terus terusan, tapi mun kiihna geus normal deui saperti biasa eta tandan panyakit gula maju ka cageur.

Cag, sakieu heula weh ke lain waktu disambung deui. ***

Penulis: AzayEditor: Azis Abdullah